B. Daerah

Pertanyaan

percakapan dalam bahasa sunda untuk 7 orang

1 Jawaban

  • Kadaharan Sunda

    Amir : Ari kadaharan teh kaasup anu kudu dilestarikeun henteu ?.
    Budi : Ari kuduna mah enya, kadaharan oge kudu saperti seni kudu dilestarikeun.
    Dedi : Enya pan ari dina dunia kuliner teh sok aya rupa-rupa kadaharan has unggal daerah.
    Edi : Ari kadaharan has Sunda, kira-kirana naon nya anu bisa dilestarikeun ?.
    Lia : Enya, henteu siga di daerah lain, aya kadaharan anu has anu bisa ditarima ku masarakat sejen, saperti rendang ti Padang, gudeg ti Yogya, rawon ti Surabaya jeung sajabana.
    Ati : Pan di Sunda oge aya, saperti tutug oncom, tahu kupat, sambel oncom, karedok jeung sajabana.
    Heni : Enya, ari urang Sunda mah loba nu resepeun kana tahu kupat, tutug oncom, atawa karedok, tapi pan eta rupa kadaharan teh can tangtu dipikaresep ku urang daerah sejen.
    Edi : Enya, atuh kumaha sangkan nu sejen resepeun kana kadaharn Sunda nya ?.
    Lia : Sabenerna ayeuna geus loba rumah makan has Sunda, tah meureun ku cara eta kadaharan Sunda bisa jadi dipikaresep ku anu sejen.
    Dedi : Ayeuna mah rupa kadahan Sunda anu dipikaresep jeunh dipikawanoh teh kakara kadaharan pikeun ruab-raeb wungkul, saperti cilok, cireng, comro, tahu Sumedang, jeung sajabana.
    Ati : Enya atuh sugan kadaharan has Sunda anu pikeun dengeun sangu saperti sate, soto, gepuk, bisa dipikaresep ku anu sejen nya ?.
    Budi : Enya, saperti sate Maranggi jeung soto Bandung geus mimiti loba anu resepeun.
    Heni : Oge gepuk has Bandung oge kungsi kakoncara. Sigana karedok oge loba anu resepeun.
    Amir : Tah enya kitu, ku ayana rumah makan has Sunda di mana-mana, bisa jadi ngabantu ngalestarikeun kadaharan has Sunda.

    Semoga dapat membantu.

Pertanyaan Lainnya